Saturday, March 26, 2016

Anak jeung Bapa

Anak jeung Bapa
(Vérsi Sunda)

Anak: Pa kumaha carana ngasupkeun gajah kana jero kulkas?

Bapa: Nya moal bisa atuh Jang ... Moal enya wé gajah bisa diasupkeun kana kulkas.

Anak: Walaaah. Bapa uing euy ... Kitu wae teu bisa ...

Bapa: Lah, mémangna manéh bisa ngasupkeun gajah kana jero kulkas? Kumaha carana?

Anak: Nya gampang, Pa. Carana, téwak gajahna ..., buka panto kulkasna .., tuluy asupkeun gajahna. Tutup panto kulkasna. Réngsé pan.

Bapa: Halah. Uteuk manéh mah songhék, Jang. Kitu wungkul geuningan?

Anak: Enya kitu Pa carana ngasupkeun gajah kana jero kulkas téh. Deui nya Pa ... Ayeuna kumaha carana ngasupkeun sapi kana jero kulkas.. ??

Bapa: Bahahaha..
Tatarucingan manéh ku Bapa dijawab bari kayang nya ... Gampang.. téwak sapina, buka panto kulkasna, terus langsung tah asupkeun sapina, tutup panto kulkasna ... Bener lin.. ???

Anak: Hahaha. Tepikeun ka rék kayang sagala si Bapa... Salah kénéh, Pa. Moal bisaa...

Bapa: Laahh... Naha make teu bisa??

Anak: Enya. Pan masih aya kénéh gajah dina jero kulkasna. Jadi..nu bener mah kulkasna dibuka, gajahna dikaluarkeun heula, lamun enggeus.. téwak sapina, asupkeun kana kulkas,  karék ditutup.

Bapa: Waalaaah. Nurut ka saha ari ilaing Jang?..

Anak: Teruskeun nya Pa.. Ayeuna, lamun seug aya balap lumpat, gajah ngalawan sapi, saha nu tepikeun ka finish tiheula.. ???

Bapa: Nya sapiiiii.

Anak: Ooooh, Bapa bisa ngajawab cepet, tapi salah Pa .. Nya gancangan kénéh gajah nu tepi ka finish, Pa..

Bapa: Beuhh... Naha bisa kitu??

Anak: Lah apanan sapina dina jero kulkas kénéh. Can dikaluarkeun ...

Bapa: Kumadinya wé ah.

Anak: Naha maké keuheul sagala Pa. Tong keuheul atuh.
Sakali deui Pa ...

Bapa: Aya deui??

Anak: Kumaha carana nimbang, ngarah bapana gajah jeung anakna gajah, beuratna sarua..??

Bapa: Manéh mah ngarang waé .. Bapana gajah pasti leuwih gedé tibatan anakna ... Pasti bapana leuwih gedé, jadi leuwih beurat ..

Anak: Kitu tah Bapa mah asal ngomong, teu dipikir heula. Padahal gampang.

Bapa: Kumaha ??

Anak: Tinggal dipoto waé.. Bapana gajah dipoto, anakna gajah ogé nya dipoto .. Pas potona ukuran 4x6.. Tuluy ditimbang.. Sarua pan Pa ...

Bapa: (ngagaroan tihang imah, geregeten)

Anak: Pa..

Bapa: Naon

Anak : Lamun seug gajah jeung sapi ngalamar gawé, saha nu ditarima ..??

Bapa: Teuing ah.

Anak: Bapa dibéjaan waé nya. Nu ditarima gawé téh gajah, Pa ...

Bapa: Naha bisa kitu ... ??

Anak: Lamaranana gajah lengkep Pa, aya pas potoan. Sapi mah euweuh potoan..

Pa?.. Pa... ? Bapa...

😀😀😀😀
____________________
Translated by:
Raritavi Translation
http://raritavi-intellectual.blogspot.com

Original text:

Kali ini bahasa Jawa
😄😄Anak Bapak

Anak: pak yoopo carane nglebokno gajah nang njero kulkas ?

Bapak: yo gak iso le... Gajah kok dilebokbo kulkas.

Anak: luwalah. Bapak ku, rek... Ngunu ae gak iso..

Bapak : La, koen iso ta nglebokno gajah nang njero kulkas ? Yoopo..?.

Anak: yo Gampil, Pak. Carane, Gajahe dicekel.., lawang kulkase dibuka.., trus gajahe dilebokno. Tutup lawang kulkase. Wiss.

Bapak: ealahh. Sempal utekmu, Nak. Ngunu tok tah.. ?

Anak: Yo ngunu, carane nglebokno gajah nang kulkas. Maneh yo pak.. Saiki yoopo carane nglebokno sapi nang jero kulkas.. ??

Bapak: Bahahaha..
Badekanmu tak jawab ambek kayang, yo.. Gampang.. sapine dicekel, lawang kulkase dibuka, trus sapine langsung dilebokno, tutupp lawang kulkasee.. yo kann.. ???

Anak : Hahaha. Sampean atik kayang barang.. Salah, pakk. Gak isooo...

Bapak: Lohh... Kok gak iso ??

Anak: Iyo. Kan sik ono gajah nang jero kulkas. Dadi.. Kulkase dibuka, gajahe ditokno disek, nek wis.. sapine dicekel, dilebokno kulkas, trus ditutup.

Bapak: Eaalaaah. Nurut sopo kon Nak..

Anak: terusno yo pak.. Saiki, nek balapan mlayu, gajah mungsuh sapi, sopo sing tekan finish disek.. ???

Bapak: Yo sapiiiii.

Anak: oo, sampean njawab banterr, tapi salah.. Yo cepet gajah sing finish, Pak..

Bapak: Beghh... Kok iso le??

Anak: La sapine kan sik nang jero kulkas. Durung ditokno...

Bapak: Karepmu, Lee.

Anak: La kok mangkel. Ojo mangkelan taa.
Sepisan maneh pak..

Bapak: Ono maneh??

Anak: yoopo carane nimbang, supoyo Bapake Gajah karo Anake gajah, abote podo..??

Bapak: Kon ngarang ae.. Bapake gajah mesti luwih gede teko anakke.. Mesti bapake luwih gede, yo luwih abott..

Anak: yo ngunu nek waton njeplak, gak dipikir. Padahal gampang.

Bapak: yoopo ??

Anak: kari di photo ae.. Bapake gajah photo, anake gajah yo di photo.. Pas photo ukuran 4 x 6.. Trus ditimbang.. Podoooo..

Bapak: (garuk garuk cagak omah, gregeten)

Anak: Pak..

Bapak: opo

Anak : nek gajah karo sapi nglamar kerjo, sopo sing diterimo..??

Bapak: embuh.

Anak: Sampean tak kandani ae. sing diterimo kerjo Gajah, pak...

Bapak: Kok iso.. ??

Anak: Lamarane gajah lengkap ono pas photoe. Sapi gak ono photoe..

Pak?.. Pak... ? Bapak..

😀😀😀😀

No comments: