Monday, April 25, 2016

Bu Guru Galak

#CaritaPabeubeurang
.
Bu Guru Galak

Poé Salasa pelajaranana basa Sunda di kelas 5 SDN 01 Cisaat. Guruna awéwé galakna kabina-bina ngarana RISKA AlwayslovE

Tét...tét...tét....bél asup kelas jam 07:00 WIB. Bu Guru RISKA asup ka kelas.

Murid: Selamat pagi Buuu ....
.
Guru : Selamat pagi!! Pelajaran Bab 3 dibuka!! Lawan kecap, engké lamun Ibu ngomong tuluy jawab lawan kecapna nya barudak!!!
Murid: Muhun Buuuuuu.....

Guru : Lawan kecap Lalaki??
Murid: Awéwé Bu......

Guru : éléh?
Murid: meunang...
.
Guru : Paéh!!
Murid: Hirup!!
.
Guru : Susah!
Murid: Seneng!
.
Guru : Asak!!
Murid: Can asak!!
.
Guru : Nu ieu salah!!!
Murid: Nu éta bener!!!
.
Guru : (Ngambek!) Goblog!!!
Murid: Pinter!!!
.
Guru : Lain kitu barudak!!!
Murid: Enya kieu Bu Guru!!
.
Guru : (jangar sirahna) Geus geus!!
Murid: Acan acan!!
.
Guru : Ciciiiiiing!! (Ceulina dipeungpeukan)
Murid: Ngomooong!!
.
Guru : éta mah lain pertanyaanana, goblog!!!
Murid: ieu mah jawabanana, pinter!!!
.
Guru : Paéh aing
Murid: Hirup Anjeun
.
Guru : Males ngajar ah barudak!!!
Murid: Rajin diajar Bu Guru...
.
Guru : Garélo kabéh!!!
Murid: Calageur sawaréh!!!
.
Guru : Menggeueueueueueueueusss!!!
Murid: Acaaaaaaaaaaaaan!!!
.
Guru : Naha ari sia gararoblog!!
Murid: Soalna kuring palalinter Buuuu...
.
Guru : Wani nya!!
Murid: Sieun teu!!
.
Guru : Nangtung!!
Murid: Diuk!!
.
Guru : (stress) Pelajaranana geus geus bubar!!!!
Murid: Pelajaranana acan acan mulai!!!
.
Guru : Enggeus!!!! Gobloggg
Murid: Acan!!!! Pinterrr
.
Guru : (pasrah) teuing ... teuing... teuing!! Baralik kabeh!!!
Murid: Horé PULANG PAGIIIIIIII.....
.
Guru : @#%&-&%$ ..........
------------------------------------
Translated with love by:
RaRiTaVi Translation
http://raritavi-intellectual.blogspot.com

You need something? Just visit:
RaRiTaVi Online Shop, Trading and Service
http://raritavi-shop.blogspot.com

--------------------------------------
Original text (Javanese)

#CRITOAWAN
.
Bu guru galak
Dino seloso pelajarane boso jowo ng kelas
 5 SDN 01 Grobogan,
Gurune wedok gualake
 setengah modyar jenenge RISKA AlwayslovE

.
Tet...tet...tet....bel masuk kelas jam 07:00
wib
Bu guru RISKA mlebu kelas
Murid: SELAMAT PAGII BUUUU....
.
Guru : slamat pagi!! pelajaran bab 3 di
buka!! LAWAN KATA mengko tak bedek i
trus jawab bareng yo cahhh???
Murid: iya buuuuuu.....
:
Guru : Lawan kata LANANG??
Murid: WADON Bu......
.
Guru : Kalah?
Murid: Menang...
.
Guru : Mati!!
Murid: Urip!!
.
Guru : Susah!
Murid: Seneng!
.
Guru : Mateng!!
Murid: Durung mateng!!
.
Guru : Sing iki salah!!!
Murid: Sing iku bener!!!
.
Guru : ( Nesu! ) Goblok!!!
Murid: Pinter!!!
.
Guru : Ora ngono cah!!!
Murid: Iyo ngene bu guru!!
.
Guru : (ngelu sirahe) Wes wes!!
Murid: Durung durung!!
.
Guru : Meneeeeng!! ( kupinge di tutupi )
Murid: Ngomooong!!
.
Guru : Iku ora pertanyaan, goblok!!!
Murid: Iki jawabane, pinter!!!
.
Guru : Modyar aku
Murid: Urip kowe
.
Guru : Males ngajar aku cah!!!
Murid: Sregep belajar bu guru...
.
Guru : Do edan kabeh!!!
Murid: Do waras Salok'e!!!
.
Guru : Uweeeeeeeesss!!!
Murid: Duruuuuuuuung!!!
.
Guru : Kenopo koe podo goblok!!
Murid: Soale aku wong pinter Buuuu...
.
Guru : Wani yo!!
Murid: Wedi gak!!
.
Guru : Ngadek!!
Murid: Linggeh!!
.
Guru : KAKEK ANE!!!
Murid: NENEK ENA!!!
.
Guru : (stress) Pelajarane wes wes Barr!!!!
Murid: Pelajarane durung durung mulai!!!
.
Guru : Wes!!!! Goblokkk
Murid: Durung!!!! Pinterrr
.
Guru : (pasrah) mboh..mboh..mboh!! Balek
 kabeh!!!
Murid: HORE PULANG PAGIIIIIIII.....
.
Guru : @#%&-&%$ ..........

Saturday, March 26, 2016

Anak jeung Bapa

Anak jeung Bapa
(Vérsi Sunda)

Anak: Pa kumaha carana ngasupkeun gajah kana jero kulkas?

Bapa: Nya moal bisa atuh Jang ... Moal enya wé gajah bisa diasupkeun kana kulkas.

Anak: Walaaah. Bapa uing euy ... Kitu wae teu bisa ...

Bapa: Lah, mémangna manéh bisa ngasupkeun gajah kana jero kulkas? Kumaha carana?

Anak: Nya gampang, Pa. Carana, téwak gajahna ..., buka panto kulkasna .., tuluy asupkeun gajahna. Tutup panto kulkasna. Réngsé pan.

Bapa: Halah. Uteuk manéh mah songhék, Jang. Kitu wungkul geuningan?

Anak: Enya kitu Pa carana ngasupkeun gajah kana jero kulkas téh. Deui nya Pa ... Ayeuna kumaha carana ngasupkeun sapi kana jero kulkas.. ??

Bapa: Bahahaha..
Tatarucingan manéh ku Bapa dijawab bari kayang nya ... Gampang.. téwak sapina, buka panto kulkasna, terus langsung tah asupkeun sapina, tutup panto kulkasna ... Bener lin.. ???

Anak: Hahaha. Tepikeun ka rék kayang sagala si Bapa... Salah kénéh, Pa. Moal bisaa...

Bapa: Laahh... Naha make teu bisa??

Anak: Enya. Pan masih aya kénéh gajah dina jero kulkasna. Jadi..nu bener mah kulkasna dibuka, gajahna dikaluarkeun heula, lamun enggeus.. téwak sapina, asupkeun kana kulkas,  karék ditutup.

Bapa: Waalaaah. Nurut ka saha ari ilaing Jang?..

Anak: Teruskeun nya Pa.. Ayeuna, lamun seug aya balap lumpat, gajah ngalawan sapi, saha nu tepikeun ka finish tiheula.. ???

Bapa: Nya sapiiiii.

Anak: Ooooh, Bapa bisa ngajawab cepet, tapi salah Pa .. Nya gancangan kénéh gajah nu tepi ka finish, Pa..

Bapa: Beuhh... Naha bisa kitu??

Anak: Lah apanan sapina dina jero kulkas kénéh. Can dikaluarkeun ...

Bapa: Kumadinya wé ah.

Anak: Naha maké keuheul sagala Pa. Tong keuheul atuh.
Sakali deui Pa ...

Bapa: Aya deui??

Anak: Kumaha carana nimbang, ngarah bapana gajah jeung anakna gajah, beuratna sarua..??

Bapa: Manéh mah ngarang waé .. Bapana gajah pasti leuwih gedé tibatan anakna ... Pasti bapana leuwih gedé, jadi leuwih beurat ..

Anak: Kitu tah Bapa mah asal ngomong, teu dipikir heula. Padahal gampang.

Bapa: Kumaha ??

Anak: Tinggal dipoto waé.. Bapana gajah dipoto, anakna gajah ogé nya dipoto .. Pas potona ukuran 4x6.. Tuluy ditimbang.. Sarua pan Pa ...

Bapa: (ngagaroan tihang imah, geregeten)

Anak: Pa..

Bapa: Naon

Anak : Lamun seug gajah jeung sapi ngalamar gawé, saha nu ditarima ..??

Bapa: Teuing ah.

Anak: Bapa dibéjaan waé nya. Nu ditarima gawé téh gajah, Pa ...

Bapa: Naha bisa kitu ... ??

Anak: Lamaranana gajah lengkep Pa, aya pas potoan. Sapi mah euweuh potoan..

Pa?.. Pa... ? Bapa...

😀😀😀😀
____________________
Translated by:
Raritavi Translation
http://raritavi-intellectual.blogspot.com

Original text:

Kali ini bahasa Jawa
😄😄Anak Bapak

Anak: pak yoopo carane nglebokno gajah nang njero kulkas ?

Bapak: yo gak iso le... Gajah kok dilebokbo kulkas.

Anak: luwalah. Bapak ku, rek... Ngunu ae gak iso..

Bapak : La, koen iso ta nglebokno gajah nang njero kulkas ? Yoopo..?.

Anak: yo Gampil, Pak. Carane, Gajahe dicekel.., lawang kulkase dibuka.., trus gajahe dilebokno. Tutup lawang kulkase. Wiss.

Bapak: ealahh. Sempal utekmu, Nak. Ngunu tok tah.. ?

Anak: Yo ngunu, carane nglebokno gajah nang kulkas. Maneh yo pak.. Saiki yoopo carane nglebokno sapi nang jero kulkas.. ??

Bapak: Bahahaha..
Badekanmu tak jawab ambek kayang, yo.. Gampang.. sapine dicekel, lawang kulkase dibuka, trus sapine langsung dilebokno, tutupp lawang kulkasee.. yo kann.. ???

Anak : Hahaha. Sampean atik kayang barang.. Salah, pakk. Gak isooo...

Bapak: Lohh... Kok gak iso ??

Anak: Iyo. Kan sik ono gajah nang jero kulkas. Dadi.. Kulkase dibuka, gajahe ditokno disek, nek wis.. sapine dicekel, dilebokno kulkas, trus ditutup.

Bapak: Eaalaaah. Nurut sopo kon Nak..

Anak: terusno yo pak.. Saiki, nek balapan mlayu, gajah mungsuh sapi, sopo sing tekan finish disek.. ???

Bapak: Yo sapiiiii.

Anak: oo, sampean njawab banterr, tapi salah.. Yo cepet gajah sing finish, Pak..

Bapak: Beghh... Kok iso le??

Anak: La sapine kan sik nang jero kulkas. Durung ditokno...

Bapak: Karepmu, Lee.

Anak: La kok mangkel. Ojo mangkelan taa.
Sepisan maneh pak..

Bapak: Ono maneh??

Anak: yoopo carane nimbang, supoyo Bapake Gajah karo Anake gajah, abote podo..??

Bapak: Kon ngarang ae.. Bapake gajah mesti luwih gede teko anakke.. Mesti bapake luwih gede, yo luwih abott..

Anak: yo ngunu nek waton njeplak, gak dipikir. Padahal gampang.

Bapak: yoopo ??

Anak: kari di photo ae.. Bapake gajah photo, anake gajah yo di photo.. Pas photo ukuran 4 x 6.. Trus ditimbang.. Podoooo..

Bapak: (garuk garuk cagak omah, gregeten)

Anak: Pak..

Bapak: opo

Anak : nek gajah karo sapi nglamar kerjo, sopo sing diterimo..??

Bapak: embuh.

Anak: Sampean tak kandani ae. sing diterimo kerjo Gajah, pak...

Bapak: Kok iso.. ??

Anak: Lamarane gajah lengkap ono pas photoe. Sapi gak ono photoe..

Pak?.. Pak... ? Bapak..

😀😀😀😀

Thursday, March 17, 2016

Saha Nu Miara Lauk?

1. Urang Jawa imahna beureum.
2. Urang Madura miara hayam.
3. Urang Padang karesepna nginum entéh.
4. Imah héjo perenahna kéncaeun imah bodas.
5. Pangeusi imah héjo karesepna nginum kopi.
6. Nu ngaroko Gudang Garam miara manuk.
7. Pangeusi Imah nu perenahna di tengah-tengah, karesepna nginum susu.
8. Pangeusi imah konéng ngarokona Bentoel.
9. Urang Batak nyicingan imah kahiji.
10. Nu ngaroko Marlboro cicingna di gigireun nu miara ucing.
11. Nu miara kuda cicingna di gigireun nu ngaroko Bentoel.
12. Nu ngaroko Sampoerna karesepna nginum bajigur.
13. Di gigireun imah bulao dicicingan ku urang Batak.
14. Urang Sunda ngaroko Jarum.
15. Nu ngaroko Marlboro tatanggaan jeung nu nginum cai hérang.

Albért Éinstéin nyusun ieu teka-teki dina mangsa abad katukang. Anjeunna nyebutkeun, 98% pangeusi dunya henteu mampuh meupeuskeun ieu teka-teki.
Naha Anjeun kaasup nu 2%?

----
Translated and modified from English version by
Raritavi Translation
http://www.raritavi-intellectual.blogspot.com
WA: 081218515404

Saturday, January 23, 2010

Sundanese: Wawangsalan

Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa.

Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang.

Wawangsalan aya sababaraha rupa:
a) Bangbalikan lanjaran
b) Bangbalikan dangding
c) Wawangsalan dangding

Bangbalikan Lanjaran
Di handap ieu conto-conto wawangsalan nu kaasup bangbalikan lanjaran:
1. Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun (kejo)
2. Teu beunang dipiring leutik, teu beunang dipikaisin (pisin)
3. Belut sisi saba darat, kapiraray siang wengi (oray)
4. Jukut jangkung pipir gunung, hate abdi panas peurih (eurih)
5. Sasawi ngambang di leuwi, sadalah dikumahakeun (saladah)
6. Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut (simeut)
7. Teu beunang ditiwu leuweung, teu beunang dipikasono (kaso)
8. Teu beunang diopak kembung, teu beunang dientong-entong (kokolontong)
9. Méga beureum surupna geus burit, ngalanglayung panas pipikiran (layung)
10. Cikur jangkung jahé konéng, naha teu palay tepang (panglay)
11. Sim abdi mah ngabeunying leutik, ari ras sok cimataan (amismata)
12. Gedong tengah laut, ulah kapalang nya béla (kapal)
13. Paripaos gunting pameulahan gambir, kacipta salamina (kacipta)
14. Bentang baranang di imah, samar bisa tepang deui (damar)
15. Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit (elos)
16. Kendang gedé pakauman, dagdigdug rasaning ati (bedug)
17. Balé diréka masjid, nya pikir bati rumajug (tajug)
18. Tegal tengah nagara, laun-laun sugan jadi (alun-alun)
19. Kerls alit Darmaraja, abdi mah walurat miskin (sekin).
20. Nyiruan genténg cangkéngna, masing mindeng pulang anting (papanting)
21. Aya nu dianjing cai, aya nu dihéroan (séro)
22. Péso pangot ninggang lontar, acan katuliskeun diri (nulis)
23. Sok rajeun ngabuah kawung, nyuruluk cipanon bijil (caruluk)
24. Sieun teu kauntun tipung, sieun teu laksana (laksa)
25. Moal aya monyet hideungna, moal aya untungna (lutung)
26. Kalakay daun kalapa, bisa temen ngabingbangkeun ati kuring (barangbang)
27. Hayang kapalupuh nangtung, hayang kapimilik (bilik)
28. Untun tipung tambang beas, mugia pareng laksana (laksa)
29. Beulit cinggir simpay tangan, ulah lali ka abdi (ali)
30. Ulah sok ngabulu kawung, olah osok unjak-anjuk (injuk)
31. Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis (ngoyok)
32. Angeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kamari (bodo)
33. Areuy leuweung mérang daun, ulah sok japilus galih (pulus)
34. Aringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang wengi (lompong)
35. Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati (walimah)
36. Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung (iwung)
37. Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi (kapal udara)
38. Ayeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih (eurih)
39. Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri (areng)
40. Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak (bayawak)
41. Bango héjo hérang jangjang, piraku engkang ka (merak)
42. Bango leutik bodas hulu, mo samar ka diri abd (camar)
43. Baréto gé batur pirus, juragan geuning pelekik (akik)
44. Batuk eungap hésé damang, saé sumping baé wengi (mengi)
45. Béas ditutuan deui, iraha atuh patepung (tipung)
46. Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap (gelap)
47. Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka carita (kareta)
48. Bedug wedalan Eropa, abdi teu asa dipuji (tanji)
49. Beusi bodas cingcin kecrik, cumah baé dipicinta (timah)
50. Biasa ngadodol gula, abdi henteu dipaduli (gulali)
51. Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti (roti)
52. Bulu panon wates taar, itu nyai mani geulis (halis)
53. Cacangkir bahana beling, masing welas lahir batin (gelas)
54. Cakcak gedé kadal bilik, ulah dipaké mokaha (toké)
55. Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti (lasun)
56. Catetan bulan jeung taun, juragan ménak utami (almenak)
57. Cau gedé ngan sasikat, taya teuing bagja diri (cau bagja)
58. Cék lémék Jawa sumuhun, hayang téh ulah kapanggih (enggih)
59. Cisusu kentel dimasak, ulah téga-téga teuing (mantéga)

Bangbalikan Dangding
Bangbalikan dangding diwangun ku sababaraha bangbalikan lanjaran
nu ngawangun dangding, upamana dina pupuh dangdanggula atawa sinom, jsb.

Dangdanggula

Méga beureum surupna geus burit (cangkang)
ngalanglayung panas pipikiran (eusi)
Cikur jangkung jahé konéng (cangkang)
naha teu palay tepang (eusi)
Sim abdi mah ngabeunying leutik (cangkang)
ari ras cimataan (eusi)
Gedong tengah laut (cangkang)
ulah kapalang nya béla (eusi)
Paripaos gunting pameulahan gambir (cangkang)
kacipta salamina (eusi)


Sinom

Balandongan ngujur jalan
sok hayang geura los indit
Kendang gedé pakauman
dagdigdug rasaning ati
Balé diréka masjid
nya pikir bati rumajug
Tegal tengah nagara
laun-laun sugan jadi
emas ancur sakieu nya karipuhan.



Conto Bangbalikan dangding model kadua (cangkang jeung eusi disajajarkeun)

Dangdanggula
cai langit duh pupujan ati
laleur hurung duh raja mustika
puputon sekar kedaton
pulas beureum duh lucu
sanggah seungit sumpah gé wani
yén engkang batur cadas
niat badé estu
tilam kuda seja béla
santen bodas sanajan tepi ka pasti
minyak sapi geus téga.



Wawangsalan dangding
Sinom
(pada kahiji cangkang wungkul)

siki tarum rina kembang
badoang manuk badori
eunteup dina kalijaga
manuk walét jangjang beusi
cihcir disada peuting
dina pucuk kembang tanjung
kuma piakaleunana
melak supa semar jadi
daun bakung pisitan buah kokosan

(pada kadua eusi wungkul)

béak taun béak bulan
ngadagoan bagja diri
teu ayeuna sugan jaga
rék weléh inggis ku bisi
mikir beurang jeung peuting
ripuh dipupuk ku bingung
kuma piakaleunana
sangkan téréh ngajadi
gering nangtung mikiran munggah hoshosan.

Source/References:
1. http://su.wikipedia.org/wiki/Wawangsalan
2. http://aaridwan.wordpress.com/sisindiran-wawangsalan-paparikan/
3. http://www.sunda.org/SundaClippings/TextAfterDBloadComplete/img509.doc.txt
4. http://katresna72.wordpress.com/2009/11/19/sisindiran/
5. http://daluang.com/wawangsalan/
6. http://muhsinpamungkas.wordpress.com/2009/09/21/kasusastraan-sunda-wawangsalan-bagian-kadalapan/
7. http://aliyahcijulang.wordpress.com/2010/04/05/conto-wawangsalan/

Sunday, October 19, 2008

- 한테

From kr.engdic.yahoo.com, "-한테" is similar to "-에게" which mean is "to-" .
So, 나한테 meant "to me".

Example
허드렛일은 나한테 맡기세요.
- Please leave chores to me.

그 책을 나한테 주시겠어요?
- "Would you give me the book, please?" (=Would you give the book to me, please?)

수표를 더 구하려면 누구한테얘기해야 되죠? 다 떨어졌거든요.
- Who do I speak to about getting more checks? I'm running out.

Reference and sources
* Yahoo Korean dictionary (http://kr.dictionary.search.yahoo.com/search/dictionaryp?subtype=eng&p=%EB%82%98%ED%95%9C%ED%85%8C)

Saturday, October 18, 2008

How to study language

Aspects of learning a language.
1. Pronunciation
2. Characters
3. Grammar
4. Reading
5. Listening
6. Conversation
7. Vocabulary

Link:
- Chinese grammar: http://www.rci.rutgers.edu/~rsimmon/chingram/img0.html

Friday, October 17, 2008