Saturday, January 23, 2010

Sundanese: Wawangsalan

Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa.

Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang.

Wawangsalan aya sababaraha rupa:
a) Bangbalikan lanjaran
b) Bangbalikan dangding
c) Wawangsalan dangding

Bangbalikan Lanjaran
Di handap ieu conto-conto wawangsalan nu kaasup bangbalikan lanjaran:
1. Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun (kejo)
2. Teu beunang dipiring leutik, teu beunang dipikaisin (pisin)
3. Belut sisi saba darat, kapiraray siang wengi (oray)
4. Jukut jangkung pipir gunung, hate abdi panas peurih (eurih)
5. Sasawi ngambang di leuwi, sadalah dikumahakeun (saladah)
6. Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut (simeut)
7. Teu beunang ditiwu leuweung, teu beunang dipikasono (kaso)
8. Teu beunang diopak kembung, teu beunang dientong-entong (kokolontong)
9. Méga beureum surupna geus burit, ngalanglayung panas pipikiran (layung)
10. Cikur jangkung jahé konéng, naha teu palay tepang (panglay)
11. Sim abdi mah ngabeunying leutik, ari ras sok cimataan (amismata)
12. Gedong tengah laut, ulah kapalang nya béla (kapal)
13. Paripaos gunting pameulahan gambir, kacipta salamina (kacipta)
14. Bentang baranang di imah, samar bisa tepang deui (damar)
15. Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit (elos)
16. Kendang gedé pakauman, dagdigdug rasaning ati (bedug)
17. Balé diréka masjid, nya pikir bati rumajug (tajug)
18. Tegal tengah nagara, laun-laun sugan jadi (alun-alun)
19. Kerls alit Darmaraja, abdi mah walurat miskin (sekin).
20. Nyiruan genténg cangkéngna, masing mindeng pulang anting (papanting)
21. Aya nu dianjing cai, aya nu dihéroan (séro)
22. Péso pangot ninggang lontar, acan katuliskeun diri (nulis)
23. Sok rajeun ngabuah kawung, nyuruluk cipanon bijil (caruluk)
24. Sieun teu kauntun tipung, sieun teu laksana (laksa)
25. Moal aya monyet hideungna, moal aya untungna (lutung)
26. Kalakay daun kalapa, bisa temen ngabingbangkeun ati kuring (barangbang)
27. Hayang kapalupuh nangtung, hayang kapimilik (bilik)
28. Untun tipung tambang beas, mugia pareng laksana (laksa)
29. Beulit cinggir simpay tangan, ulah lali ka abdi (ali)
30. Ulah sok ngabulu kawung, olah osok unjak-anjuk (injuk)
31. Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis (ngoyok)
32. Angeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kamari (bodo)
33. Areuy leuweung mérang daun, ulah sok japilus galih (pulus)
34. Aringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang wengi (lompong)
35. Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati (walimah)
36. Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung (iwung)
37. Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi (kapal udara)
38. Ayeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih (eurih)
39. Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri (areng)
40. Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak (bayawak)
41. Bango héjo hérang jangjang, piraku engkang ka (merak)
42. Bango leutik bodas hulu, mo samar ka diri abd (camar)
43. Baréto gé batur pirus, juragan geuning pelekik (akik)
44. Batuk eungap hésé damang, saé sumping baé wengi (mengi)
45. Béas ditutuan deui, iraha atuh patepung (tipung)
46. Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap (gelap)
47. Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka carita (kareta)
48. Bedug wedalan Eropa, abdi teu asa dipuji (tanji)
49. Beusi bodas cingcin kecrik, cumah baé dipicinta (timah)
50. Biasa ngadodol gula, abdi henteu dipaduli (gulali)
51. Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti (roti)
52. Bulu panon wates taar, itu nyai mani geulis (halis)
53. Cacangkir bahana beling, masing welas lahir batin (gelas)
54. Cakcak gedé kadal bilik, ulah dipaké mokaha (toké)
55. Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti (lasun)
56. Catetan bulan jeung taun, juragan ménak utami (almenak)
57. Cau gedé ngan sasikat, taya teuing bagja diri (cau bagja)
58. Cék lémék Jawa sumuhun, hayang téh ulah kapanggih (enggih)
59. Cisusu kentel dimasak, ulah téga-téga teuing (mantéga)

Bangbalikan Dangding
Bangbalikan dangding diwangun ku sababaraha bangbalikan lanjaran
nu ngawangun dangding, upamana dina pupuh dangdanggula atawa sinom, jsb.

Dangdanggula

Méga beureum surupna geus burit (cangkang)
ngalanglayung panas pipikiran (eusi)
Cikur jangkung jahé konéng (cangkang)
naha teu palay tepang (eusi)
Sim abdi mah ngabeunying leutik (cangkang)
ari ras cimataan (eusi)
Gedong tengah laut (cangkang)
ulah kapalang nya béla (eusi)
Paripaos gunting pameulahan gambir (cangkang)
kacipta salamina (eusi)


Sinom

Balandongan ngujur jalan
sok hayang geura los indit
Kendang gedé pakauman
dagdigdug rasaning ati
Balé diréka masjid
nya pikir bati rumajug
Tegal tengah nagara
laun-laun sugan jadi
emas ancur sakieu nya karipuhan.



Conto Bangbalikan dangding model kadua (cangkang jeung eusi disajajarkeun)

Dangdanggula
cai langit duh pupujan ati
laleur hurung duh raja mustika
puputon sekar kedaton
pulas beureum duh lucu
sanggah seungit sumpah gé wani
yén engkang batur cadas
niat badé estu
tilam kuda seja béla
santen bodas sanajan tepi ka pasti
minyak sapi geus téga.



Wawangsalan dangding
Sinom
(pada kahiji cangkang wungkul)

siki tarum rina kembang
badoang manuk badori
eunteup dina kalijaga
manuk walét jangjang beusi
cihcir disada peuting
dina pucuk kembang tanjung
kuma piakaleunana
melak supa semar jadi
daun bakung pisitan buah kokosan

(pada kadua eusi wungkul)

béak taun béak bulan
ngadagoan bagja diri
teu ayeuna sugan jaga
rék weléh inggis ku bisi
mikir beurang jeung peuting
ripuh dipupuk ku bingung
kuma piakaleunana
sangkan téréh ngajadi
gering nangtung mikiran munggah hoshosan.

Source/References:
1. http://su.wikipedia.org/wiki/Wawangsalan
2. http://aaridwan.wordpress.com/sisindiran-wawangsalan-paparikan/
3. http://www.sunda.org/SundaClippings/TextAfterDBloadComplete/img509.doc.txt
4. http://katresna72.wordpress.com/2009/11/19/sisindiran/
5. http://daluang.com/wawangsalan/
6. http://muhsinpamungkas.wordpress.com/2009/09/21/kasusastraan-sunda-wawangsalan-bagian-kadalapan/
7. http://aliyahcijulang.wordpress.com/2010/04/05/conto-wawangsalan/